
Langlangan aplikasi
Pake aplikasi Jam pikeun nyetel sababaraha jenis alarm.
Paké pangotéktak wéb pikeun nganapigasi tur nempo kaca wéb, ngatur
téténggér, téks sareng gambar.
Paké aplikasi Kalkulator pikeun ngalakonan itungan.
Paké aplikasi Almenak pikeun ngalacak kajadian tur ngatur pasini anjeun.
Paké aplikasi Kaméra pikeun moto sareng ngarékam klip vidéo.
Paké aplikasi Kontak pikeun ngatur nomer telepon, alamat surélék tur inpo
séjénna nu berhubungan ka kontak anjeun.
Pake aplikasi Undeuran pikeun ngakses setelan pangotektak Anjeun
Paké aplikasi Surélék pikeun ngirim tur nampa surélék ti akun pribadi sareng
perusahaan.
Pake aplikasi Facebook™ pikeun ngiringan dina jejaring sosial sareng
rerencangan, anggota kulawargi sareng kolega di sakuliling dunya.
Pake aplikasi radio FM pikeun ngotéktak tur déngékeun stasiun radio FM.
Paké aplikasi Albeum pikeun nempo, ngedit jeung babagi poto sareng vidéo
Anjeun.
Pake aplikasi Gmail™ pikeun maca, nyerat tur ngatur talatah surelek.
Pake aplikasi Google pikeun neangan alat anjeun dina web..
Pake aplikasi Google Maps pikeun nempo lokasi ayeuna, milari lokasi lian saren
ngétang ruteu.
Pake aplikasi Play Store™ pikeun ngundeur aplikasi haratis sareng nu mayar
kanggo alat Anjeun.
Paké aplikasi Talatah pikeun ngirim tur nampa talatah téks sareng multimédia.
Paké aplikasi Vidéo pikeun muterkeun vidéo dina alat anjeun, tur ngabagikeun
eusi sareng babaturan anjeun.
Paké aplikasi Musik pikeun ngatur tur muter musik, buku audio sareng podcast.
Pake aplikasi Warta & Cuaca pikeun maca jeung mariksa ramalan cuaca.
Pake aplikasi Telepon pikeun nelepon kun cara muter nomer sacara manual
atawa ku cara maké pungsi pencét pinter.
Pake aplikasi Setelan pikeun nyaluyukeun setelan telepon anjeun.
33
Ieu pérsi Internét tina ieu publikasi. © Citak kanggo pamakéan pribados wungkul.

Pake aplikasi Hangouts™ pikeun chat sareng rerencangan sacara online.
Pake aplikasi TrackID™ pikeun ngidéntipikasi lagu musik anu nuju diputer di
lingkungan anjeun, tur meunangkeun inpo artis, albeum sareng inpo nu séjénna.
Pake aplikasi YouTube™ keur ngabagikeun tur nempo video ti sakumna dunya.
Paké aplikasi cadangan atawa malikkeun jang nyadangkeun atawa malikkeun
eusi dina alat anjeun, sapertos kontak, talatah téks, téténggér, data almenak,
jeung sajabana.
Pake aplikasi Smart Connect™ pikeun nyetel naon wae nu terjadi ka alat Anjeun
basa Anjeun keur nyambungkeun atawa megatkeun hiji aksesori.
Xperia™ Movie Creator otomatis nyieun video pondok salami 30 detik nganggo
foto sareng video nu aya. Aplikasi otomatis nangtukeun garis waktu jang nyieun
pilemna.
Paké aplikasi Lifelog jang otomatis catetan kajadian ihwal kagiatan anjeun
sapopoé. Contona, anjeun bisa nyieun tujuan tur ningali kamajuan jang
ngahontal tujuan éta atawa nyieun téténgger kajadian spésial.
Paké aplikasi Rojongan pikeun ngaksés rojongan di alat anjeun. Contona, anjeun
tiasa ngaksés Buku pituduh, inpo cara ngungkulan, tambah kiat sareng trik.
Sababaraha aplikasi teu dirojong atawa ka daptar ku sadaya jaringan sareng/atawa pangladén
di sadaya wewengkon.
34
Ieu pérsi Internét tina ieu publikasi. © Citak kanggo pamakéan pribados wungkul.