Sony Xperia Z2 - Setelan kamera video

background image

Setelan kamera video

Pikeun nyaluyukeun setelan kamera video

1

Aktipkeun kamera.

2

Gesek ka

.

3

Pikeun mintonkeun setelan, ketok .

4

Pilih setelan nu Anjeun hoyong saluyukeun, teras jieun perobahan Anjeun.

Tinjauan setelan kamera video

Resolusi video

Saluyukeun resolusi video kanggo pormat nu beda-beda.

HD Pinuh (30 fps)

1920×1080(16:9)

Pormat Full HD (Depinisi Gede Full) sareng 30 fps jeung perbandingan aspek 16:9.

HD pinuh (60 fps)

1920×1080(16:9)

Pormat Full HD (Depinisi Gede Full) sareng 60 fps jeung perbandingan aspek 16:9.

HD

1280×720(16:9)

Pormat HD (Definisi Luhur) sareng perbandingan aspek 16:9.

VGA

640×480(4:3)

Pormat VGA sareng perbandingan aspek 4:3.

MMS

Rekam video nu cocog kanggo dikirim dina talatah multimedia. Waktu ngarekam pormat video ieu diwatesan

supados fayil videona tiasa pas dina talatah multimedia.

Pangatur waktu otomatis

Make timer otomatis anjeun bisa ngarekam video tanpa kudu nyekel alat. Pake timer

otomatis eta pikeun ngarekam video grup dimana sadaya jelema bisa aya dina video.

Anjeun oge bisa make pangatur waktu otomatis upami Anjeun hoyong kamera teu oyag

lamun keur ngarekam video.

Hurung (10 detik)

Setel ka waktu reureuh 10 detik sawaktos Anjeun ngetok layar kamera nepi ka video mimiti direkam.

Hurung (2 detik)

Setel ka waktu reureuh 2 detik sawaktos Anjeun ngetok layar kamera nepi ka video mimiti direkam.

0.5 detik

Setel ka waktu reureuh satengah detik sawaktos Anjeun ngetok layar kamera nepi ka video mimiti direkam.

Pareum

Video langsung ngamimitian ngarekam sanggeus Anjeun ngetok layar kamera.

Smile Shutter™(video)

Pake pungsi Smile Shutter™ pikeun nangtukeun jinis keom nu kumaha nu bakal dipake

kamera sateuacan ngarekam video..

109

Ieu pérsi Internét tina ieu publikasi. © Citak kanggo pamakéan pribados wungkul.

background image

Modeu Pokus

Setelan pokus ngadalikeun bagean mana dina subjek rekaman video nu kudu jelas.

Sawaktos pokus otomatis terus dihurungkeun, kamera bakal terus nyaluyukeun pokus

supados wewengkon nu aya di jero pigura pokus bodas tetep tajem.

Pokus otmts hiji

Kamera sacara otomatis pokus ka subjek nu dipilih. Pokus otomatis terus dihurungkeun.

Deteksi beungeut

Kamera sacara otomatis ngadeteksi nepi ka lima rupa manusa, ditandaan ku pigura nu aya dina layar.

Kamera sacara otomatis pokus ka rupa nu pangdeukeutna. Anjeun oge bisa milih rupa mana nu dipokuskeun

ku cara ngetok rupa eta dina layar. Sawaktos Anjeun ngetok layar kamera, hiji pigura koneng mintonkeun

raray mana nu dipilih sareng nu dipokuskeun. Deteksi beungeut teu bisa dipake kanggo sakabeh jinis

pamandangan. Pokus otomatis terus dihurungkeun.

Lacak objek

Upami Anjeun milih objek ku cara nyentuh dina layar tempo heula, kamera ngalacak objek eta kanggo

Anjeun.

Video HDR

Pake setelan HDR (High-Dynamic Range / Kisaran Dinamik Luhur) pikeun ngarekam

ngalawan cahya tukang nu caang pisan atawa dina kondisi kontrasna seukeut pisan.

Video HDR mere kompensasi kanggo wincik nu leungit sareng ngahasilkeun gambar nu

ngawakilan wewengkon nu poek sareng nu caang.

Setelan ieu ngan sadia di

Manual modeu motret.

Pangukuran

Pungsi ieu sacara otomatis nangtukeun paparan nu saimbang-sae ku cara ngukur cahya

nu ngahalangan gambar nu Anjeun hoyong candak.

Tengah

Ngukur bagean tengah gambar, tur nangtukeun cahaya berdasarkeun kacaangan subjek.

Spot

Saluyukeun paparan cahaya di bagean gambar nu pangleutikna nu hayang dipoto ku Anjeun.

Raray

Ngukur jumlah cahaya di beungeut, tur nyaluyukeun paparan cahaya supados beungeut teu poek teuing

atawa caang teuing.

Multi

Ngabagi gambar jadi sababaraha bagean, tur ngukur unggal bagean pikeun nangtukeun paparan cahaya nu

disaimbangkeun.

Setelan ieu ngan sadia di modeu motret

Manual.

SteadyShot™

Sawaktos ngarekam video, bakalan sesah pikeun nahan alat sing ajeg. Pangajeg

mantuan Anjeun ku cara nahan gideg leungeun nu panglaunna.

Standar

Aktipkeun pikeun mupus goncangan kamera.

Pareum

Pangajeg dipareuman.

Mikropon

Pilih lamun bade nyandak sora sakuliling basa keur ngerekam video.

Tilik

Anjeun bisa milih jang nilik video saenggeus Anjeun nyokot gambar.

110

Ieu pérsi Internét tina ieu publikasi. © Citak kanggo pamakéan pribados wungkul.

background image

Hurung

Panilikan video nembongan saenggeus Anjeun nyokot gambar.

Edit

Video langsung kabuka jang diedit saenggeus Anjeun nyokot gambar.

Pareum

Video disimpen saenggeus Anjeun nyokot gambar, jeung moal aya panilikan nembongan.

Lampu kilat

Pake lampu kilat pikeun ngarekam video nuju kondisi cahya kirang atawa nuju teu aya

lampu tukang. Ikon lampu kilat video ngan sadia di layar kamera video. Perhatoskeun

yen kadang-kadang kualitas video bisa langkung sae tanpa aya cahya sanajan kondisi

cahya kirang.

Hurung

Pareum

Pilihan pamandangan

Fitur Pilihan Pamandangan mantuan anjeun nyetel gancang kamera kanggo kaayaan

umum nganggo pamandangan video nu geus diprogram. Unggal setelan pamandangan

dirancang pikeun ngahasilkeun video kualitas pangsaena nu tiasa dijieun dina lingkungan

rekaman nu spesifik.

Pareum

Fitur Pilihan pamandangan pareum tur Anjeun bisa ngarekam video sacara manual.

Motret lembut

Pake kanggo shooting video di latar tukang nu lembut.

Lansekap

Pake kanggo video lansekap. Kamera mokuskeun ka objek nu jauh.

Pamandangan peuting

Waktu diaktipkeun, sensitipitas cahya ditingkatkeun. Pake dina kondisi cahya nu kirang caang. Video

objek nu keur ngolebat bisa jadi kabur. Tahan leungeun Anjeun sing ajeg, atawa pake pangrojong.

Pareuman setelan peuting lamun kondisi cahaya caang, pikeun ngaalusan kualitas video.

Basisir

Gunakeun jang video pamandangan sisi laut atawa sisi situ.

Salju

Pake dina lingkungan nu caang pikeun nyegah hasil video caang teuing.

Olahraga

Pake kanggo ngarekam video objek nu keur ngolebat gancang. Waktos paparan pondok

ngaminimalkeun gambar nu kabur ku sabab aya gerakan.

Hajatan

Pake kanggo video di jero ruangan dina lingkungan nu kirang caang. Pamandangan ieu nyandak

pencahayaan latar tukang di jero ruangan atawa cahaya lilin. Video objek nu keur ngolebat bisa jadi

kabur. Tahan leungeun Anjeun sing ajeg, atawa pake pangrojong.

111

Ieu pérsi Internét tina ieu publikasi. © Citak kanggo pamakéan pribados wungkul.