Sony Xperia Z2 - Ngeusi batre alat Anjeun

background image

Ngeusi batre alat Anjeun

Pake carjer Sony asli jeung kabel USB nu husus pikeun model Xperia™ nu tangtu. Carjer jeung

kabel nu sejen bakal ningkatkeun waktos ngeusi batre, teu ngeusi pisan, atawa bakal ngaruksa

alat. Pastikeun kabeh port USB jeung konektor sapinuhna garih, sateuacan masang kabel

USB.

Carjer colokan listrik bakal ngeusi batre leuwih cepet dibandingkeun ngeusi batre liwat

komputer. Anjeun tiasa make alat Anjeun pas keur di eusi.
Upami batre kosong, alat bakal perlu dugi ka 30 menit pikeun ngarespons ka ngeusi

batre. Salila waktos ieu, layar bakal poek, teu nembongkeun ikon ngeusi batre. Oge

perhatoskeun yen bakal perlu dugi ka 4 jam ngeusi batre nu sapinuhna kosong dugi ka

sapinuhna ngeusi.

Alat Anjeun gaduh batre nu tos dipasangkeun tur tiasa dicas nu tiasa digentos ngan ku puseur

ladenan Sony nu resmi. Anjeun ulah nyobaan muka atawa ngabongkar alat ku sorangan.

Milampah eta bisa ngaruksak alat nu ahirna ngabatalkeun haransi.

Ngeusi batre alat anjeun

1

Colokkeun carjer ka colokan listrik.

2

Colokkeun ujung nu sejen kabel USB ka carjer (atawa ka liang USB dina

komputer).

3

Colokkeun ujung kabel nu hiji deui ka liang USB mikro dina alat anjeun, lambang

USB-na ngadep ka luhur. Lampu bewara hurung upami ngeusi aya dimimitian.

4

Sawaktos batre alat geus dieusian pinuh, coplokkeun kabel USB tina telepon

anjeun ku cara nyabut kabel eta kaluar. Pastikeun anjeun teu nekuk konektor.

Upami batre bener-bener soak, butuh sababaraha waktu nepi ka lampu bewara hurung tur

ikon ngeusi batre nembongan.

Status lampu bewara batre

Hejo

Batre nuju ngeusi tur tingkat eusian batre leuwih ti 90%

Beureum

Batre nuju ngeusi tur tingkat eusian batre kirang ti 15%

Oranyeu

Batre nuju ngeusi tur tingkat eusian batre kirang ti 90%

35

Ieu pérsi Internét tina ieu publikasi. © Citak kanggo pamakéan pribados wungkul.