Sony Xperia Z2 - Setelan aplikasi

background image

Setelan aplikasi

Sababaraha aplikasi bakal menta idin basa Anjeun mimiti make aplikasi eta. Anjeun tiasa

ngidinan atawa nampik idin sacara sorangan-sorangan kanggo unggal aplikasi, ti menu

Setelan atawa ti dialog Konpirmasi idin. Persaratan idin gumantung kana desain aplikasi.

56

Ieu pérsi Internét tina ieu publikasi. © Citak kanggo pamakéan pribados wungkul.

background image

Ngidinan atawa nampik idin

Anjeun tiasa milih pikeun ngidinan atawa nampik idin basa dialog dipintonkeun. Upami

Anjeun tos make Android versi nu samemehna, sabagean gede aplikasi bakal tos dibere

idin nu diperlukeun.

Pikeun ngidinan idin

1

Pikeun ngidinan idin, ketok

Idinan.

2

Basa dialog konpirmasi nembongan kanggo kadua kalina, Anjeun tiasa milih

pilihan

Tong nanya deui upami Anjeun hoyong.

3

Dialog oge ngajelaskeun naha aplikasi eta perlu idin tur keur naon idin eta dipake

sacara spesifikna. Pikeun ngaleungitkeun dialog ieu, ketok

OKE.

Pikeun nampik idin

Pikeun nampik idin, ketok

Tampik basa dialog dipintonkeun.

Sabaraha aplikasi masih tiasa dipake sanajan Anjeun tos nampik idin.

Idin penting

Sababaraha idin wajib supados aplikasi tiasa berpungsi sasuai tujuanna. Dina kasus ieu,

dialog bakal mere inpo ka Anjeun.

Pikeun ngidinan idin penting

1

Pikeun ngidinan idin, ketok

Teruskeun > Inpo aplikasi > Idin.

2

Panggihan idin penting nu Anjeun butuhkeun.

3

Sered geseran ka katuhu.

Anjeun tiasa oge ngatur idin dina

Setelan > Aplikasi. Ketok aplikasi teras robah idin

sakahoyong Anjeun.

Pikeun ngonpigurasikeun aplikasi

1

Tina Layar Utama Anjeun, ketok .

2

Panggihan tur ketok

Setelan > Aplikasi > .

3

Pilih pilihan konpigurasi, contona

Idin aplikasi, teras pilih aplikasi nu Anjeun

hoyong konpigurasikeun.

Kakait aplikasi

Alat Anjeun tias nangtukeun aplikasi standar nu nanganan kakait web husus. Ieu

maksudna upami kakait disetel, Anjeun teu kudu milih aplikasi unggal Anjeun muka

kakait. Anjeun tiasa ngarobah aplikasi standar iraha wae Anjeun hoyong.

Pikeun ngator kakait aplikasi tina menu Setelan

1

Tina Layar Utama Anjeun, ketok .

2

Panggihan tur ketok

Setelan > Aplikasi.

3

Ketok tur panggihan

Kakait aplikasi.

4

Pilih aplikasi nu Anjeun hoyong setel kakait rojonganna.

5

Setel properti

Kakait aplikasi ka pilihan Buka dina aplikasi ieu.